tarba

WELCOME TO TARBA BLOG

Profile


Autobiografi


Haturkeun wasta simkuring Tarba. Simkuring dibabarkeun di Cirebon, kaping 10 Oktober 1995. Simkuring nyaeta anak kadua ti tilu duduluran. Nu mana abdi babar  ti bapa Tirta miwah ibu Sawiti.
Simkuring netep di Cirebon Jalan Anggabaya Blok Sumur bandung RT/RW 01/04 Desa Jagapura Kulon Kec. Gegesik, Kab. Cirebon. Didinya simkuring hirup sareng Kulawargi dina kaadaan gumbira. Simkuring teu weleh ngalaman atikan ti TK Nasyrul Ulum Desa Jagapura Kulon Kec. Gegesik, Kab. Cirebon salami 2 taun, saparantos simkuring lulus ti TK, simkuring ngalajeungkeun atikan Sekolah Dasar di SDN 1 Jagapura Kulon Kec. Gegesik, Kab. Cirebon. Di SDN 1 Jagapura Kulon simkuring Alhamdulillah kengeng Rangking 10 besar.
Salulusna ti SDN 1 Jagapura Kulon, simkuring ngalajeungkeun pangajaran ka Sekolah Menengah Pertama nyaeta di SMPN 1 Gegesik Kec. Gegesik, Kab. Cirebon. Di SMPN 1 Gegesik simkuring ngiringan sababaraha hiji eskul diantarana Palang Merah Remaja dina Jabatan Wakil Ketua jeung OSIS    ( Organisasi Siswa Intra Sekolah ) dina Jabatan Seksi Jasmani jeung Rohani. Di SMPN 1 Gegesik ngusahakeun leuwih hade deui dina di ajar, nu mawi Alhamdulillah simkuring nambah sumanget dina di ajar, saparantos simkuring nitenan atikan ti SMPN 1 Gegesik, simkuring milarian Sekolah Menengah Atas sakola di Bina Siswa SMA PLUS Prov. Jawa Barat, didinya simkuring papendak sareng seueur lulusan smp ti sakuriweuk jawa barat. Nu ngagaduhan macem-macem Prestasi. Di Bina Siswa SMA PLUS Prov. Jawa Barat simkuring di ajar Mata Pelajaran sapertos Basa Inggris, Basa Arab, Akuntansi, Komputer, Kewirausahaan jeung Agribisnis. Salian ti etah simkuring salaku Murid Bina Siswa SMA PLUS di sakolahkeun dib SMAN 1 Cisarua nu katelah RSBI tea. Didinya simkuring ngiringan sababaraha hiji eskul diantarana Paskibra, Rohis ( Organisasi Agama ) jeung HP3 ( Himpunan Pelajar Pecinta Perpustakaan ), oge Prestasi di sma diantarana pernah 10 besar di kelas hiji teras 3 besar di kelas dua, nu mana simkuring ngagaduhan cita-cita lebet ka salah sahiji Universitas di Bandung ntaeta ITB ( Institut Teknologi Bandung ) Fakultas FTTM ( Fakultas Teknik jeung Tambang Minyak ) sareng insyaallah tiasa Ngahajikeun Kulawargi utamana Mamah sareng Bapa, Amin.



1 komentar: